Ngajugjug tiris, ngajugjug tiris. Sanajan urang geus haneut jeung reureuh. Dayeuh-dayeuh séjén masih kénéh ngagentraan. Boa Minsk, boa Brest. Ngajugjug tiris, ngajugjug tiris Teu gaplah, teu percumah. Tempat-tempat anggang ngagentra urang Nilar tangkal-tangkal poplar Ngalalana kawas nu kariaan Teu gaplah, teu percumah Sanajan haneut di imah urang Urang mo bisa nahan kakangen Amprok jeung sasama patepung jeung sobat anyar Urang lir nu teu kabiruyungan Kawas nu leuwih haneut jeung maranéhna Sanajan urang Kabiruyungan, jauh ngalalana Urang bakal mulang dina taun nu mustari Jadi, di mana béntang urang? Boa di ditu, meureun di dieu
© Godi Suwarna. Tarjamahan, 2015